Minggu, 13 November 2016

Filled Under:

Nadoman Sunda Kangge Pepeling Hirup



PEPELING
Bismilah abdi ngawitan
macakeun ieu nadoman
mugi janten kasaean
ulah janten kaawonan

maksadna ieu nadoman
ngemula kanu lalieun
hapunten ka nu can terang
abdi seja ngawartosan

eling-elng para istri
masing nyaah kana diri
tutup oratmah sing buni
eta teh parentah gusti

Katerangan tina qur’an
nutup orat kawajiban
pikeun istri anu islam
pameget ge teu kasingsal

oratna kapara istri
sadaya badan tutupan
dampal panangan jeung raray
etamah wios katinggal

upami nganggo raksukan
kaena sing serba lebar
teu kengeng ngapas keun badan
eta parentah pangeran

ayeuna tos akhir zaman
seueur istri kaleuwihan
nutup badan suka kahayang
nganggo acuk dapon nyangsang

istri dijaman kiwari
niru-niru ka lalaki
nganggo acuk mani nyeksi
narik birahi lalaki

teu saalit para santri
kabawa masa kiwari
kana aturan parantos lali
nutup orat henteu buni

taya hukum nu miwarang
nutup orat sakahayang
nganggo calana paspasan
z orat kapendekan

lamun pareng nganggo tudung
ngan ukur jadi hiasan
lamun pareng nganggo tudung
pedah erek pangaosan

sing hawatos kana badan
sing emut kana ancaman
jahanam teh tos ngantosan
mun uran tos di maotan
AHLI SUNAH
Kangjeung nabi tos neragkeun
dina hadits tos nerangkeun
umat islam akhir zaman
janten 73 golongan

ari anu 72
ku alloh jeung ku rosulna
teu di aku teu ditarima
da bongan salah tekadna

aria nu diakuna
ku alloh jeung ku rosulna
hiji agama nu mulya
sunah waljam’ah namina

ari sunah waljama’ah
cicingna teu saga wayah
najan islam teu ngaku kabeh
islam jama’ah tetap misah

ciri islam waljama’ah
aqidahna henteu goyah
najan godaan manglimpah
batan nurut kajeun payah

UMAT ISLAM
umat islam akhir zaman
seueur anu kasasaran
ucap lampah patekadan
seueur pisan pamusyrikan

musyrik kufur pamurtadan
tos jadi kabiasaan
teu iyeuh jadi pikiran
matak ruksak kana iman

syahadat sok di ucapkeun
sholat oge dilakukeun
majarkeunteh cukup iman eujeung ngaku kaislaman

najan laku teu napakan
kana aturan pangeran
teu gaduh rasa nyalahan
eta the pangajak setan

ari ngaku umat islam
ari lampah siga setan
mabok zinah perjudian
anu jadi pisdamelan

seueur ulama diancam
pedah ngajak lebet islam
dakuringmah enggeus iman da cukup islam turunan

ulama dipika ngewa nerangkeun aturan hakna
ngajak sholat jeung zakatna
majar bosen ngadengena

seeur ajengan nerangkeun
kana hukum tipangeran
seueur anu ngabalieur
bongan jauh jeung kahayang

seueur ucap pagawean
teu sesuai jeung aturan
jiga hade sareng iman
padahalmah kasasaran

kana sholat ngahir-ngahir
majar pameng pidamelan
nyiar dunya seseepan
sholatna rek di qodoan

seeur parentah pangeran
anu kedah dilakonan
kalakah seeur alasan
majarkeun teh karepotan

eling-eling umat islam
sing eling kana aturan perintah alloh lakonan
perintah setan singkahan

mun hirup hoyong salamet
iman urang mah sing kuat
perintah alloh sing taat
sanajan karaosna berat

al-qur’an tong dijauhan hadits ulah disisihkeun
ayatna jadi bacaan
maknana geura lenyepan

hayu dulur urang tobat
meumpeung urang masih sempat
ibadah urang sing ningkat
meungpeung tacan kena maot

1 komentar:

Copyright @ 2013 Jalan Haqiqi.